Rabu, 01 Mei 2013

Kecap Bilangan

Kecap bilangan nyaeta kecap anu nuduhkeun jumlah atawa ukuran , dina basa sunda aya kecap husus sesebutana diantarana nyaeta :

•  Awi = Sabébék, saleunjeur
•  Bilik = Sailab
•  Injuk = Sakakab
•  Paré = Saranggeuy, sageugeus
•  Peuteuy = Sapapan, sahanggor
•  Cau = Sasikat, saturuy
•  Jahé = Sarémpang
•  Konéng = Sasolor
•  Gula beureum = Sagandu
•  Bawang = Sasihung
•  Béas = Sacanggeum
•  Daun = Sakompét
•  Kalapa = Sahulu, samanggar
•  Samak = Saheulay
•  Sangu = Saréméh, sapiring, saboboko
•  Suluh = Sahurun

Salosin; dua belas (12)
Sakodi; dua puluh (20)
Salikur; dua puluh hiji (21)
Dua likur; dua puluh dua (22)
Tilu Likur; dua puluh tilu (23) jst
Salawe; dua puluh lima (25)
Saraju; opat puluh (40)
(sok dilarapkeun kana bilangan lauk)
Sawidak; genep puluh (60)
Sagros; saratus opat puluh opat (144)
Salaksa; sapuluh rebu (10.000)
Saketi; saratus rebu (100.000)
Sayuta; sajuta (1000.000)

(Nyutat tina Peperenian; Drs. Ahmad Hadi, Spk.)

0 komentar:

Posting Komentar

◄ Posting Baru Posting Lama ►
 

Copyright © 2012. Risman Munajat Note's - All Rights Reserved B-Seo Versi 5 by Blog Bamz